Description
Judul: Percéka Maca Jeung Nulis Aksara Sunda Unicode Vérsi 2013
Penulis: Riki Mochamad Fadilah, A.Md.T
ISBN: –
Halaman: 101 hlm
Cover: Soft Cover
Ukuran: 18.2 x 25.7 cm
Berat: 200 gr
Deskripsi:
Buku “Percéka Maca Jeung Nulis Aksara Sunda Unicode Vérsi 2013” ieu téh mangrupa pituduh penting pikeun saha waé anu hayang ngaguar jeung ngaropéa kamampuhna dina maca jeung nulis aksara Sunda, hususna dina wangun digital (Unicode). Ieu buku disarankeun pisan pikeun siswa, mahasiswa, guru, panalungtik, sarta umumna masarakat Sunda anu kataji kana basa jeung aksara Sunda modéren.
Dina ieu buku, dipandu léngkah-léngkah kalawan gembleng ti mimiti pangwanoh aksara Sunda nepi ka téknik nulisna. Eusi buku ieu ngawengku pangwanoh aksara Sunda anu dijelaskeun sacara ringkes sajarah jeung pentingna aksara Sunda minangka salah sahiji warisan budaya anu kudu dipiara. Salian ti éta eusina ngjéntrékeun ngeunaan rupa-rupa wangun aksara Sunda baku, kaasup vokal, konsonan, rarangkén, jeung angka. Unggal aksara diwanohkeun kalawan conto-conto anu écés.
Ieu buku méré pangajaran ngeunaan cara maca aksara Sunda kalawan bener, kaasup cara ngagabungkeun aksara jeung rarangkén sangkan ngawangun kecap anu merenah. Disadiakeun ogé réa latihan jeung conto-conto kalimah anu maké aksara Sunda, sangkan pamaca bisa langsung ngapraktékkeun pangaweruhna.
Ku ayana ieu buku, dipiharep para pamaca tiasa langkung gampil ngawasa aksara Sunda, dina wangun tulisan konvensional . Kalawan pangaweruh ngeunaan Unicode, urang bisa leuwih aktip ngamumulé jeung ngembangkeun aksara Sunda di jaman kiwari.