Sale!

Kumpulan Dongéng Sasakala Maké Aksara Sunda

Original price was: Rp80,000.Current price is: Rp70,000.

Categories: , ,

Description

Judul: Kumpulan Dongéng Sasakala Maké Aksara Sunda

Penulis: Riki Mochamad Fadilah
ISBN: –
Halaman: ii, 131 hlm
Cover: Soft Cover
Ukuran: 14 x 20 cm
Berat: 270 gr

Deskripsi:
Ieu buku téh eusina kumpulan dongéng sasakala anu diwariskeun sacara turun-tumurun ku masarakat Sunda. Unggal-unggal carita dina ieu buku lain ngan saukur medarkeun carita anu matak pikabitaeun, tapi ogé ngandung ajén-inajén budaya, kearifan lokal, jeung sawangan anu ma’na dina kahirupan karuhun Sunda. Ku cara nulisna ngagunakeun aksara Sunda, ieu buku ogé mangrupa tarékah pikeun ngalestarikeun warisan budaya anu geus mimiti jarang dipikawanoh ku generasi ngora.
Dina ieu kumpulan, pamaca bakal diajak ngajajah asal-usul rupa-rupa tempat anu miboga sajarah jeung carita unik, saperti Selat Sunda, Gunung Krakatau, Situ Paténggang, Situ Bagendit, jeung Gunung Tangkuban Parahu. Henteu ngan éta, aya ogé carita-carita metot ti wewengkon séjén saperti Rawa Bening, Pamanukan, jeung Cigondéwah, anu sakabéhna ngeuyeuban pamahaman kana karagaman budaya Sunda.
Ngaliwatan buku ieu, pangarang miharep sangkan dongéng Sasakala ieu bisa hirup deui di masarakat, hususna di kalangan siswa, guru, panitén budaya, jeung saha waé nu hayang leuwih apal kana akar sajarah jeung budaya Sunda. Mudah-mudahan buku ieu lain ngan ukur jadi bahan bacaan anu ngahibur, tapi ogé jadi alat atikan dina ngawanohkeun aksara Sunda jeung numuwuhkeun rasa cinta kana budaya lokal.
Wilujeng maca sareng mudah-mudahan ku ayana ieu buku tiasa masihan manpaat sareng janten wujud nyata pikeun ngalestarikeun sareng ngahirupkeun deui kabeungharan sastra lisan Sunda.