Judul: Catetan anu Kaliwat; Kumpulan Sajak Sunda
Penulis: Yanti Sri Budiarti
ISBN: –
Halaman: 112 hlm
Cover: Soft Cover
Ukuran: 14 x 20 cm
Berat: 100 gr
Deskripsi:
Catetan Anu Kaliwat nyoko kana ngaguar luang jeung panineungan. Dina simpé, aya sora-sora nu ménta dikotrétkeun. Ngajanggélék winangun sajak. Gentra nu ngahiap pikeun nepikeun rasa nu ngagalura dina ungkara nu lirih rintih, dina ungkara nu nyosok jero kaluar tina acining diri. Pikeun ngaji diri tina saniskara papastén hirup.
Sakapeung nulis sok nunutur kereteg haté. Teu nolih kana tata-titi ugeran tulis tinulis. Ngotrétkeun saujratna naon nu kapikir, naon nu karasa. Sora-sora nu kaluar tina midangdam anu rosa, marudah, marojéngja. Teu loba nu diseja, ngubaran diri sorangan, nuhun-nuhun mun aya mangpaatna keur nu lian.
Be the first to review “Catetan anu Kaliwat; Kumpulan Sajak Sunda” Cancel reply
Reviews
There are no reviews yet.